Tuesday, April 20, 2010

PANCEN NGARESENSI NOVEL "KETIKA CINTA BERTASBIH" (dalam bahasa sunda)


Judul Buku : Ketika Cinta Bertasbih 2
Jenis : Novel
Nu ngarang : Habiburrahman El Shirazy
Penerbit : Republika
Kandel : 424 Kakaca

Novel islami anu judulna “Ketika Cinta Bertasbih 2” ieu salah sahiji buah karya ti Habbiburrahman El Shirazy, novelis nomer hiji sa-Indonesia anu dikenal ti sa prak medarkeun novel fenomenalna nu kahiji nyaeta “Ayat-Ayat Cinta”. Habiburrahman El Shirazy teh sarjana Al Azhar University Cairo. Founder pupuhu pangasuh Pasantren Karya jeung Wirausaha BASMALA INDONESIA nu aya di Semarang, Jawa Tengah. Anjeunna kawentar di sakuliah Nusantara jadi Da’i, Novelis sareng panyair. Sababaraha panghargaan anu tos kapimilik ku anjeunna, diantarana : Pena Award 2005, The Most Favorite Book and Writer 2005, sareng IBF Award 2006. Sering anjeunna nohonan ondangan kanggo jadi pamedar di forum-forum nasional sareng internasional. Boh kanggo da’i, novelis atanapi panyair. Saumpamana di Cairo, Kuala Lumpur, Hongkong, jeung sajabana. Henteu jarang jalmi anu ngarantosan hasil karyana sabab dinilai bisa numbuhkeun jiwa jeung semangat ngahontal cita-cita. Sawatara karyana anu tos sumebar di masyarakat nyaeta Ayat-Ayat Cinta (novel fenomenal anu di layar lebarkeun, taun 2004), Pudarnya Pesona Cleopatra (novelet, 2004), Diatas Sajadah Cinta (kumpulan kisah teladan anutos di sinetronkeun di Trans TV, taun 2004), Ketika Cinta Berbuah Surga (kumpulan carita teladan, taun 2005), Ketika Cinta Bertasbih 1 (Dwilogi, taun 2007), Ketika Cinta Bertasbih 2 (Dwilogi nu ngabangun, 2007), Dalam Mihrab Cinta (novelet, taun 2007). Sareng sababaraha karyana deui anu siap di pedarkeun ka masyarakat luas nyaeta: Langit Mekkah Berwarna Merah, Bidadari Bermata Bening, jeung Bulan Madu di Yarusalem.


Lembar mimiti anu di tandaan hiji pesen husus yen novel ieu teh di dugikeun hususna kanggo putrana : Muhammad Ziaul Kautsar, sareng masyarakat luas umumna. Sampul buku nu di dominasi ku warna hejo sareng latar tukang Masjid Kairo, ngagambarkeun hiji cinta anu islamiyah, hiji cinta anu di tepungkeun di Cairo Mesir. Lamun urang titenan salintas, ieu novel teh tos ngagambarkeun kumaha kaayaan di Cairo mesir anu kaayaanna mani tentram.

Panggunaan bahasa di dieu tos cukup jelas, mibanda bahasa-bahasa asing anu henteu dikenal teh di jelaskeun deui lewat catetan kaki di handapna, janten anu maca teh henteu kedah deui turas-taros eta bahasa. Sudut pandang dina ieu carita nyaeta ngagunakeun sudut pandang jalmi ka tilu, nyaeta anu nyaritakeun.
Aya oge sababaraha bahasa anu di gunakeun nyaeta Bahasa Indonesia, Bahasa Jawa, Bahasa Arab, sareng Bahasa Inggris. Pamedaran bahasa di ieu carita tos komunikatif sareng anu maca. Ngagunakeun oge serapan-serapan ti bahasa asing. Sababaraha paribasa di gunakeun di ieu carita sapertos dina puisi dihandap ieu anu di candak tina puisi Rumi di Masnawinya :


“Menurutku….”
Cinta adalah kekuatan,
Yang mampu,
Mengubah duri menjadi mawar,
Mengubah cuka menjadi anggur,
Mengubah malang menjadi untung,
Mengubah sedih menjadi riang,
Mengubah setan menjadi nabi,
Mengubah iblis menjadi malaikat,
Mengubah sakit jadi sehat,
Mengubah kikir menjadi dermawan,
Mengubah kandang menjadi taman,
Mengubah penjara jadi istana,
Mengubah amarah menjadi ramah,
Mengubah musibah menjadi muhibah,
Itulah cinta !

Tanda baca, dialog hiji tokoh, sareng ejaan anu jelas dina novel ieu ngagambarkeun latar suasana dina eta carita tos minuhan. Seeur pisan pangajaran bisa urang candak tina eta carita anu isina ngeunaan motivasi ieu. Sanajan ngajadikeun hiji titik cahaya di tengah rasa pesimisme pamuda-pamudi generasi ayeuna kanggo leuwih ngokohkeun teguh prinsip-prinsip islami di kahirupan sahari-hari.

Rema emas panulis Habiburrahman El Shirazy henteu pernah cicing ngahasilkeun karya-karya anu spektakuler, mani kacida alus kualitasna. Novel ieu ngagaduhan hiji julukan nyaeta Novel “MegaBestSeller”. Ngan ukur tempo kurang ti tilu minggu tos laku di jual ka masyarakat luas leuwih ti 75.000 eksemplar. Ieu bener-bener prestasi anu luar biasa, oge nunjukeun yen novel “Ketika Cinta Bertasbih” ieu teh alus caritana jeung loba narik perhatosan masyarakat.

Dwilogi “Ketika Cinta Bertasbih” ieu henteu ngan saukur novel romantis, ieu oge ngandung novel fiqih anu ditulis dina alur carita anu henteu gampil di tebak. Habiburrahman El Shirazy ngaluarkeun terobosan anyar kanggo ngajelaskeun kaidah-kaidah fiqih ngalangkungan novel. Ku bahasa anu santun, sareng nimbulkeun kapanasaran, panulis Habiburrahman El Shirazy sapertos ngajak urang sadaya anu maca kanggo ngarenungan sareng balik ningali sangkan Indah sareng alus pisan ari naungan Al-Qur’an teh.

Novel ieu cocok dibaca ku sadaya kalangan, malahan sae kanggo dibaca ku para generasi pamuda-pamudi sabab pesen-pesen anu ngandung harti kangge ngamotivasi, nyemangatan, sareng ngadidik hiji jalma yen hirup teh loba perjuangannana anu kudu urang lewatan.

Novel “Ketika Cinta Bertasbih 2” ieu teh eusina alus, lantaran novel anu masihkeun semangat pangorbanan sapertos carita :
“ Hiji mahasiswa Cairo Mesir Al-azhar anu namina Khairrul Azzam, jalmi anu prihatin ku sagala kaayaan. Nalika tuang rama tos henteu aya di dunya, Azzam nunjukeun tanggungjawab manehna salaku anak Cikal jeung hiji-hijina anak lalaki. Azzam dugsek di Mesir damel jeung ngawirausaha jadi tukang baso jeung tempe. Unggal bulan, manehna ngirimkeun duit kanggo ngahirupan tuang ibu sareng nyakolakeun adi-adina anu ayeuna nuju kuliah. Padahal manehna oge di Mesir teh mani kurang pisan. Tapi gara-gara tekad nu kuat jeung rasa optimisme, manehna tetep berjuang kanggo cita-citana. Sampe ahirna manehna jadi pawirausaha baso jeung tahu anu kasohor sareng sukses.”

Di ieu novel oge ngajarkeun panghormatah hiji anak ka indung-bapa anu sabenerna, ngajarkeun kumaha palaku para muslim anu jaman ayeuna tos ngalewatan tina kaidah-kaidah Islam, ngajarkeun kumaha carana kanggo ngajalin carita cinta anu islami dina jalur kaidah-kaidah Islam, masihan hadits-hadits sareng ilmu-ilmu fiqih lewat ieu carita, jalan caritana oge jelas.
Teras novel ieu teh sapertos ngagaduhan hiji kunci carita anu umpama urang maca eta carita teh rarasa urang lebet kana kaayaan nu sabenerna. Bahasa anu komunikatif sareng jelas ayana ngaringankeun para pambaca kanggo mahaman eta carita.

Kakurangan ti ieu novel henteu katingali tampak, lantaran leuwih loba kaunggulanana, janten kakurangan-kakurangan anu aya oge henteu karaos ku pembaca. Para pembaca ngan sauukur ngarasa nyantai maca eta carita.
Tapi aya sababaraha bahasa sareng kata-kata anu asing digunakeun di kahirupan sapopoe dina ieu novel lewat catetan kaki, nyaeta diantarana :

“Khadimah” (serepan arab) anu ngartikeun “pambantu” di pasantren.
“Kebluk” anu ngartikeun “hudang sare kasiangan”.
“Istirja” (serepan arab) anu ngartikeun “inna illahi wa inna illahi raji’un”.
“Mumet” anu ngartikeun “pusing”.
“Bolong-bolong” anu ngartikeun “korowok teu utuh”.
“Cipika-cipiki” anu ngartikeun “ngesun damis kenca sareng katuhu”.
“Mendoan” (serepan jawa) anu ngartikeun “tempe goreng anu di tipungan jeung di bumbuan”.
“Cethol” anu ngartikeun “lauk leutik saageung kalajengking”.
“Qabiltu” (serepan arab) anu ngartikeun “abdi tampi/tarima”.
“Nyuwum sewu sanget” (serepan jawa) anu ngartikeun “menta panghampuraan/ menta maaf”.
“Kulon nuwun” (serepan jawa) anu ngartikeun “menta ijin”.
“Ilmu meniteni” anu ngartikeun “elmu anu ngamatan hiji gajala anu di pasihan ku alam”. Biasana ku ciri pangalaman anu ngulang.
“Ahlan wa sahlan ya akhi, kaif hal ?” (serepan arab) anu ngartikeun “wilujeng sumping, kumaha damang ?”.
“Alhamdulillah bi khair akhi, wa anta kaif ?” (serepan arab) anu ngartikeun “Alhamdulillah sae, ari anjeun kumaha ?”.
“Alhamdulillah kama tara, ana bikhair” (serepan arab) anu ngartikeun “Alhamdulillah siga nu katingali, abdi damang”.
“Antum” (serepan arab) “Kamu”.
“Njanur gunung” anu ngartikeun “henteu sapertos biasa”.
“Arjuk” anu ngartikeun “urang menta ka anjeun”.
“Surat taukil” anu ngartikeun “surat kuasa anu ngawakilan”.
jeung sajabana
ku : PIPIT DEVIYANTI :)